Jalu
March 19, 2012 Leave a comment
Jalu Jalu hidepteh jimat Nu morojol tina rahim indung Mendeyang salapan bulan lilana Di pupusti di dama dama di jaga di rawat Iklas teu ngarasula teu malire cape jeung ripuh Jalu hidepteh calon Gubrag ka dunya ngong di adzanan tur di komatan Halimpu sora bapa kalimat munggaran ka reungeu Na ceuli katuhu kenca gantian Jalu hidepteh pigura Ngawengku endahna ngahiji Matri dua hate ngahijikeun dua kahayang Indung jeung bapa ngojayan endahna rasa Jalu hidepteh sengserang panon Panghibur pangbubungah mere sumanget Lucu nempo seuri kayungyun nyugemakeun Ngaraketkeun indung bapa ngambah sagara rumah tangga Jalu hidepteh cukang Jambatan ngahontal kahayang Nepungkeun ngimpi jeung nyata Tina lamunan jadi kayaan enyaan Jalu hidepteh kembang Nyambuang sengit minuhan ruang Kebek ngahiliwir maseuk sela sela jero dada Nu ti kamari was was nungguan Teu elat ku doa jeung pangharepan
puisi di tulis 19o312 gara gara liat c nenk yang lagi ngidam