anjeun

Anjeun


Layung geus nyingkur nyusup tukangeun gunung
Ninggalkeun sumingratna warna nu endah kacida
Ras ka gagas ka mangsa lawas
Kacipta ngabayang waktu urang munggaran tepang
Di teras buruan hareupeun imah saksina


Anjeun make kaos bodas nyacas
Payus nutupan kulit nu beresih bodas
Rok biru di pasieup ku gambar kembang-kembang bodas
Rada pungsat luhureun tuur mungkus sampean nu lenjang
Hiliwirna angin gunung nyingraykeun rambut nu panjang


Duh endahna mangsa harita
Mangsa katukang nu karandapan
Sempal guyon gogonjakan
Pinuh kabungah kebek ku kanyaah
Sabara taun kaliwat enggeus


Teu kungsi kuring carita
Kajadian harita jadi katineung anu nyata
Nepi ka kiwari ka patri jero ati
Ngahias lambaran ka gagas


Katineung harita ayena geus jadi nyata
Anjeun nu di picinta geus jadi milik kuring
Teu bisa di gambarkeun bungahna pisan
Nalika jadi ka bale nyungcung


Katineung harita sarua jeung katineung ayeuna
Katineung harita sing jadi terus katineung
Na waktu nu teu aya tungtung

About kangyan
hanya seorang awam yang suka menulis sebelum tidur... menulis tentang apa saja, dari yang di dengar, di lihat dan di rasakan... bentuk tulisan sekedar ekspresi pemberontakan yang hanya tersalur lewat tulisan...

10 Responses to anjeun

  1. uyayan says:

    hehe…suksek gan “moro”na,,alhamdulillah di beubgkeut ku tali asih nepi ka kiwari…

    salam taun baru di anteur ku ngecrekna hujan..

  2. katineung pisan…kumaha moro “nu pungsat luhurueun tuur”… 😀

    salam ngahiliwir nu kapungsat
    blognoerhikmat

  3. nanangrusmana says:

    hmm jadi emut deui ka anjeunana…duuh mani wararaas ngemut ngemut panineungan…..aya di mana nya anjeuna..? ddduuuuuhhh…kunaon ieu jadi panineungan kieu…:)

  4. Hijihawu says:

    Asa matak waas.
    Mugia bagja salalawasna..

    • uyayan says:

      hehe…
      maaf gan pake bahasa sunda jadi wajar saja kalau kurang paham…
      intinya hanya menceritakan saat saat dulu waktu pertama bertemu dengan si dia hehe
      yang sampai sekarang jadi kenangan, seperti itu gan..

yang sudah baca di tunggu komenya,,,,,, terima kasih.