sugan
January 4, 2012 10 Comments
SUGAN
Karasa ayeunamah gening
Lalampahanteh geus jelas nemrak
Kasaksian da kalampahan ngarasa
Puguh da geus kaliwat nyata
Bulan anu pias
Nyaangan lengkah urang duaan
Nu ngan saukur ngandelkeun lengkah nu nyalse
Milu kana ngocorna cai
Bulan ayeuna masih bulan nu kamari
Sanajan cahayana geus pias
Tapi keukeuh marengan lengkah urang
Nu pinuh ku harepan
Ayeuna henteu laksana
Sugan jagamah laksana
Ayeuna teu kacumponan
Sugan kahareupmah tinekanan
Sugan..
Leres, teu kenging pegat pangharepan. Manawi hiji mangsa, sanes hiji hawu, hahah, laksana sadaya cita.
muhun pisan…
asa jauh paninengan..
iraha bade siduru deui payuneun hawu..bari meuleum emping…
salam wae ah ti tebih…
Meuleum emping? Aeh kuriak geheng. Heheh. Raosna mah ngabubuy hui atanapi sampeu. Haseup… Haseup…
Hatur nuhun ti katebihan.
muhun lepat nya…kedahnamah di garang sans di beuleum luhureun ruhak anu ruhay…
ah kabita ku bubuy sampeuna..alungkeun ateuh sakaranjangmah hehehe…
link sudah saya pasang mas….thanks dah pasang link saya..
oya buat teman2 yang lain silahkan bertukar link dengan saya..ditunggu kunjungannya yaaa
ya sama sama terima kasih juga…
salam persahabatan dari jauh..
duh gusti…..bulan nu pias teh sihoreng nuju hujan… 😀
muhun gan di bogor alum wae hehe
could you please to translate it
untuk mila…kurang lebih seperti ini :
Siapa tau
Terasa sekarang sudah
Perjalanan itu sudah jelas
Jadi saksi karena terlewat sudah
Bukti karena di lalui nyata
Rembulan yang redup
Sinari langkah kita
Yang hanya mengandalkan langkah nyantai
Biarkan bagai air yang mengalir
Rembulan yang sekarang masih rembulan yang kemarin
Biarpun sinarnya sudah redup
Tapi tetap setia nemani langkah kita
Yang penuh harapan
Sekarang belum terlaksana
Siapa tau esok lusa terlaksana
Sekarang belum terwujud
Siapa tau kedepan terkabul
Siapa tau